Selasa, 10 April 2012

Stress Teuing Aing Siah

(Dari Fanny)

UBAR TUNDUH........... Saurang bapa jeung anak na udin
Bapa : "jang.. Cing pangmeulikeun minuman anu tiis ti warung"
Udin : "coca-cola atawa seprit,pa?"
BaPa : "Coca-cola wae.."
Udin : "anu kaleng atawa botol?"
BaPa : "Botol.."
Udin : "nu botol gede atawa nu botol leutik, pa?"
BaPa : "euh budak tolol !! Geus meuli cai we!!"
Udin : "Aqua atawa cai biasa ?"
BaPa : "AQUA!!!!"
Udin : "Panas atawa anu tiis, pa?" (lempeng, teu kerot-kerot)
BaPa :" astagfirulah di mana SAPU mana SAPU, DI GEBUG SIAH SIRAHNA GEURA..??!!!"
Udin : "Sapu lidi atawa sapu injuk??"
BaPa : "lailahailaloh...dasar sia mah siga sato wae!!"
Udin : "Embe atawa Munding, Pa?"
BaPa : "Embe, Gobloggg!!!"
Udin : "Embe Ceme atawa Badot??"
BaPa : "Setan siah!!!!"
Udin : "Pocong atawa Gendruwo?"
BaPa: "Kumaha sia we, kaditu siah indit we lah!!"
Udin: "kudu poe ieu atawa isuk?"
BaPa: "Ayeuna , siah !!"
Udin: "Bapa milu atawa moal?!!"
BaPa : "masya Alloh.. Gelo sugan sia mah, dipaehan geura !!"
Udin : "Ditubles make peso atawa ditembak make pestol??"
BaPa :"Di tembak siah ku aing!!!"
Udin : "Sirah atawa Beuteung??
*si bapa langsung sakarat kekejetan langsung struk stadium 1
Live from BlackBerry® on AHA - I like it!

0 komentar:

Posting Komentar

Toko Online Cece

Visitor