Jumat, 03 Februari 2012

TATA TERTIB SUNDA AIRLINES

(Dari Jacqueline)

TATA TERTIB SUNDA AIRLINES.( Pramugarina make seragam kabaya):

"Wilujeung enjing wilujeng tepang di pswt Sunda airlines. .Kanggo kasalametan urang sadaya, mugi diperhatoskeun ku sdyana : Sakedap deui pswt bakal hiber. Supados tong katorekan cocokan liang ceulina ku kapas.
Wktu pesawat rek hiber, diukna kudu ajeg, tong culang cileung, tuluy pasang sabukna. Cara masang cara ngonci jeung carana nyoplokeuna kieu. (Diperagakeun ku pramugarina.
Baju pelampung aya dina handapeun korsi,tong dipake heula,tungguan aba2/bewara ti bapa Kapten..Eta baju teu meunang dipindah2,, komo deui mun dibawa balik,atw dipake pajangan di ruang tamu mah! Sabab Mun kapanggih bakal dicabok bulak balik/ tukang hareup! .Ngarti teu?!
Cara make baju pelampung : asupkeun kana beuheung,siga make rompi, konci sabukna ti hareup ulah tarik teuing,bisi kacekek/eungap, engke maneh teu bisa napas! Dikeukeupan mah meunang asal kelekna henteu bau!.
Ngarah bisa ngambang dina cai, tarik eta cenul2 warna beureum jambu, kudu inget, narikna kudu di luar pesawat, sabab mun ditarik di jero, bakal melendung/gede, moal bisa ngaliwatan panto, bisa nyangked dina panto !
Mun rek kaluar ti pesawat kudu antri - nga baris siga meri nu keur diangon".
Lamun hawa geus mimitI kurang, napas jadi sesek, masker oksigen bakal ragrag sorangan ti luhureun sirah. Buru2 ditewak, hiji ewang, ulah parebut ngerakeun ! Pasangkeun kana irung
Kartu pituduh darurat aya dina selesepan korsi hareupeun korsi, heg dibaca, teu kudu diapalkeun, bisi maneh gelo ngapalkeun anu kitu mah!
Mun rek maca, pencet eta cenul2 di luhureun nyaeta keur ngahurungkeun lampu. Ngarti kan ?? Sakitu heula nya?!
Sok ayeuna mah geura ngadoa menta salamet, menta ampun mun loba dosa. Mun pesawat ragrag mah nya wayahna wae, kudu kumaha deui, Keun bae da babarengan ragragna oge nya..! ( Bari ngaleos ) :D
www.rani.asia

0 komentar:

Posting Komentar

Toko Online Cece

Visitor